
Kamar Anyar Tingkat Dua
8 Maret 2005salasa siang, dalapan maret 2005
kamar anyar tingkat dua, subang
Tabuh 15:27
hhmmm…kudu kumaha nya diri,kieu salah,kitu salah. Bararingung.
Enya,mun ngagugu kahayang mah, ngeunah meureun mun sapopoé migawé pagawéan ngan ukur sakahayang mah. Isuk-isuk teu kudu riweuh bébérés, nyeusueh teu loba, ngepél sakasampeurna. Tapi da saha deui nu rék mantuan kolot sorangan, mun lain uing nu kabeneran aya waé di imah. Émang mun rék jujur mah, awak téh sok cararapé, sok sagala karasa. Komo mun dina migawéna sok loba aturan mah, tambah wéh capéna téh. Tapi da uing gé mikir, meureun ayeuna téh itung-itung diajar ngokolakeun imah, keur jaga di imah uing sorangan. Di sagigireun ti éta, uing bersyukur, boga kolot nu ngajarkeun kadisiplinan kana pagawéan…
Tadi, reuwas ogé basa kaperego keur ngistrika ku Abin. Reuwas kacida. Uing nyangka pasti Abin nyangka yén uing nyetrika loba pisan. Padahal, harita uing mah karék ngistrika saeutik hancana nu mamah. Abin datang, calik di kamar pengker, ngaroko, tuluy balik deui ka pagawéan. Duh Gusti, hayang ceurik ngajerit. Uing asa dosa ka salaki jeung ka kolot. Serba salah…
Sabenerna tadi téh uing saeungges nyeuseuh, tuluy gogoléran di Mamah Ené nepi ka tibrana,aya kana sajaman mah. Tuluy pindah ka kamar Si Tia, tanpa aya nu nganyahokeun. Singhoréng aya nu keur ngobrolkeun uing, uing nu hudangna beurang waé, nu kedul ngadules. Astaghfirulloh, Gusti…..
Uing bersyukur boga Abin anu éstuning bageur, ngarti mun uing capé, sok rajeun mencétan. Malah Abin nu nyarék uing tong loba teuing gawé, tong capé teuing.
Tapi da kumaha? Uing gé éra lamun cicing waé, terus wéh uing téh jadi berita kulawarga.
Gusti nu Maha Ngarti, kudu kumaha atuh?????????