
Teu biasa pajauh
14 Maret 2006Cicadas kamar luhur, 16.45 wib
Meuni panas kieu hawa téh. Maké kaos bodas nu semu-semu ipis, angger wéh masih kénéh panas. Di handap mamah keur anteng nyangu dina hawu. Si Tia keur ngaganti ban motor -bongan gundulna pisan, jadi wéh maksakeun meuli. Padahal duitna keur seret. Si Iman keur latihan jeung barudak KKN IAIN di mesjid. Papah di Cigadung. Abin, Abin mah tos sabulan leuwih di Tangerang, di réntalna mang Oskar.
Basa mimiti mulang, Abin cerita di ditu téh can karaos betah. Bi Popong, rai Bi Euis, “nu ngawasana”. Sementara ka bi Nyai mah jarang pisan. Harita mulang sotéh bubuhan ngiring tés PNS.
Salila Abin di Tangerang, kuring nga-SMS aya kana 5 kalina dina sapoé téh. Kangen. Asa teu biasa pajauh. Jadi asa teu pararuguh. Trus, di dieu téh teu betah. Asli. Sanajan di imah kolot sorangan.
Mulangna Abin anu kadua, rumahuh, sasadu, can bisa méré ka kuring, cenah.
Peun, da kuring gé ngarti, nu ngaranna muka usaha munggaran mah boborot heula. Ngan éta, watir ningali salira Abin nu beuki alit, begang. Asa piwatireun. Abin cerita penderitaanana: tidur dina méja atawa kolong méja nu ngan 2 jam tina 24 jam téh, makan sakali sapoé, panyakit nu sagala karasa (ti mimiti mah, nyeri waos, nyeri bujur, nyeri cangkéng), pergaulan urang kota nu pikasieuneun, cai inum nu meuli waé, sikep Bi Popong nu nyababkeun urang kudu ngusap dada waé. Ah, peurih pokona mah. Watir.
Basa minggu kamari kuring ka mitoha, dianteur Puput. Kuring cerita kaayaan Abin di Tangerangna. Ibu kacida watirna, nampi béja kitu téh. Malah ibu apaleun, yén kamari Abin angkatna dibekelan ku kuring, saurna mah apal ti Abinna langsung. Kacindekanana: ari teu betah mah, tong maksakeun. Komo ari teu aya prospék mah. Ari kuring mah, kumaha Abin.
Ayeuna tanggal 14 maret, isukan duka pageto pangumuman hasil tés PNS kamari. Du’a kuring mugi Anjeunna maparin kaputusan anu pangwijaksanana. Dina heunteu katampina, mugi kuring, Abin, jeung kulawarga dipaparin kasabaran dina nampina, jeung digampilkeun rijki tina panto lianna. Dina meunangna gé, mugi dipasihan sabar, mugi tiasa sukuran jeung dijauhkeun tina sagala kasombongan diri.
Cag ah, rék mandi heula!