h1

Lain Uing nu Nulisna

26 Januari 2008

19.34 26/1/2008

Lain euweuh tuliskeuneun, ngan siga masalah budak, lain teu dibere hayang atawa can dibere kasono, ngan tibatan mapaykeun bisi aya nu manggihan, natanyakeun bisi sasab teu apaleun jalan, atawa nyusulan susuganan bisa gancang datang. Uing milih: nungguan. Tibatan jadi pangeusi uteuk bareng jeung katugenah sarta rereged hirup. Uteuk nu ieu mah mending urang asupan source code program, ide-ide jaringan global, atawa idealisme Sunda moderat, kajeun sarua pajurawetna, uing optimis nu kitu bisa jadi ubar, saheulaanan saméméh uing gogorowokan mamaksa hayang ngapimilik budak batur atawa saméméh uing teu hudang tina pangsujudan bakating ku husu ngadua, wungkul.

Sakali deui, lain euweuh tuliskeuneun. Ngan, jeun wé musna, ilang, sagala nu teu ngeunahna. Jeun wé ngandelkeun kainget mun rék ngawawaas sagala kasenanganana. Embung nyatet, embung kacatet, jeung embung aya nu nyatet.

Deui, lain euweuh tuliskeuneun. Da bongan teu jadi eunteung. Siga hard disk nu aya bad sector-an. Upama éta sumber error téh henteu dibeneran, atawa paling henteuna ditandaan, geus tangtu data nu anyar diasupkeun ku urang bakal ruksak jeung ngahasilkeun informasi nu salah. Bad-na bakal nambahan, sistemna sacara umum ogé bakal teu stabil deui. Kagagalan pangaturan dina sistem bakal silih pangaruhan nu antukna: Héng!

Sakali deui waé, lain euweuh tuliskeuneun, lain teu hayang nulis. Tapi uing ogé héng! Ti saprak uing tara nulis, ti basa uing leungiteun kahayang pikeun nulis, ti saprak uing poho naon harti, définisi, mangpaat, jeung kahéngkér nulis, ti mimiti uing teu inget deui yén uing kungsi hayang jadi pangarang, tah ti harita uing héng. Sakali deui: HÉNG!

Lain teu pernah nulis. Ngan uing teu manggih ilham, kumaha cara nuliskeunana dina gurat-gurat hirup nu alus jeung payus, kumaha cara ngarautana deui sangkan atmosfer hirup uing teu goréng patut.

Jeung euweuh nu nyaram uing nulis. Ngan remen uing nyobaan rupa-rupa cara sangkan tulisan uing bisa kabaca ku saréréa, heueuh siga basa uing nulis di hareupeun indung jeung mitoha. lain teu kahaja tapi memang dihaja, da kumaha atuh cara nulis nu matuh, siga bari diuk dina luhur méja atawa bari ngadapang, mah geus teu metu, teu mujarab deui. Ngan énéh-énéh aé, keukeuh maké cara nu teu ilahar ogé kalah ka matak heneg haté. Bété ménékétéhé.

Sanajan lain euweuh tuliskeuneun, lain teu hayang nulis, jeung euweuh nu nyaram uing nulis, wani sumpah nepi ka iraha waé ogé uing mah narah nulis, embung dianggap puitis, jeung geus teu hayang jadi pangarang. Komo kudu nulisan kaca eunteung peupeus mah. Teu sudi pisan! Béjaan bisi uing poho teu kahaja nulis, heug pangmupuskeun.

<nu di luhur: lain uing nu nulisna tapi ririwa>

Saurang nu mairan

  1. ..uing ge kalah hayang ngilu nulis,tapi da lain ririwa!



Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.