17.10 WIL
ITAN…
Tadi Abin teu cios ka sakola. Teu kamamana. Tunduh. Hoyong mondok tapi teu reup. Ngantos Itan teu jol waé. Ih! Saurna tabuh tilu!
Tan…
Geura ibak. atuh Tan..! pan Itan téh nembé wangsul ti sakola. Késangan sareng bau, sigana! Pokona méh Itan sueger deui, kedah ibak! Pan saur Itan badé milarian stikdram téa. Meungpeung siang kénéh ibakna méh teu tiris. Ibak nya, da bageur, da méh geulis waé…foreverlah, sugan.Itan ecil i angit ang ingiiii
Amat anyak…engias angasa…
Au inin…ebang an enali…
Auh ingi e empat ow elada…Itan…
Pami tos ibak, -éh kétang moal kabujeng nya- Abin nambut pilem Charlies Angles + Terminator 2 ti Si Ali bilih badé narongton ajakan nu sanés (Api-apina ngajakan! Padahal mah…)
Pas maghrib..
Bin Itan alim ibak ayeuna, titik. Atuda tiris, trus lebar bilih engké caina teu aya. Tapi, Abin ulah hariwang, Itan tetep geulis sanajan teu ibak ogé. NGARTOS ? tos nya, magrib heula trus urang ka ditu téa. Pokona..ah isin ah! (ay lap yu)…
Muhun mangga, teu langkung Itan.
Da Itan tos ageung. Tos déwasa. Nu saé saur Itan nya saé kanggo Itan.
Muhun, Itan ngartos. Pokona mah ay lap yu-lah.
