Ping 1 Nope 2003
Tabuh 08.15 WIB
Abin sayang…
Dinten ieu Abin teu damang, tariris. Padahal selimutna atos dua, tapi kirang kénéh. Katambih deui Abin nuju kesel ka Si KetHim, beuki wéh rarieut. Katambih deui Itan keukeuh hoyong nikah, duh Abin beuki rieut pisan. Sabar nya, Bin !
Abin,
Abin kedah percanten kana kahoyong sareng kayakinan Itan, soalna éta kanyataannana. Itan moal mamaksa, Itan moal keukeuh waé, pami Abin nyalira teu aya kayakinan mah. Soalna, …. Ah piraku wéh Itan nikahna nyalira mah.
Pokona Itan hoyong NIKAH !!!
