Kahayang mah da puguh geus ti baheula, hayang boga iiuhan. Cape oge asana mah ngontrak wae teh, cape hate. Sanajan can rumasa geus cukup bahan pikeun ngadegkeunana, lahaola bulan hareup rek mimiti ngali pondasi. Da niat ceuk rarasaan mah alus, susuganan bari laju nu masang batu aya rijki si cikal (nu ayeuna teuing di mana…)

