Tulisan Maké Tag ‘nyaah’

h1

Boa kaduhung kitu ?

4 Pébruari 2008

Maksudna naon cenah éta téh?

Boa kaduhung kitu ? Kaduhung pédah uing pamajikanana, atawa kaduhung boga pamajikan nu pasipatannana matak nambahan rereged hirupna?

Inget basa (langsung mukaan SMS dina HP, moal dihapus sigana mah..) tanggal 10 Januari 2008 jam 16.58 nu eusina:

“Mun teu resep kana cara hirup, cara digawé, atawa sagalana, balik wé! Uing mah sanggup sorangan gé…”

Anyaran narima SMS mah nyeri haté kabina-bina. Uing ngan ceurik jeung ceurik. Tapi saenggeus dibulak-balik dipikiran, uing moal ngéléhan kitu waé.

Uing nyaah pisan…sakumaha baluweng pipikiran gé, uing embung papisah.. uing nyaah pisan,…

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.