Abin..
Langkung saé Abin nepangan Téh Tien ayeuna.
Isa yakin, anjeunna ayeuna nuju meryogikeun dukungan ti Abin.
Abin kedah ngaréncangan anjeunna !!Isa ogé yakin, Abin tetep badé masihan yang terbaik kanggo anjeunna.
Emut !! Béntang salawasna masihan cahya kanggo saha waé anu meryogikeun cahya. Émut nya, Bin !!
Please, ya Bin…Sabab,
Abin tetep ‘Béntang’ anu salawasna masihan cahaya
Salawasna…
Tan, nembé abdi nampi telpon ti Téh Tien. Rumahuh. Cenah teu aya nu merhatikeun. Téh Tien teu tiasa papah saurna (pangaruh kejang kamari). Basa geubis ogé saurna téh, teu aya nu nulungan.
Téh Tien mémang saluhureun abdi 2 taun, tapi da ogo pisan, katambih ku teu damangna, panginten.
Nangis. Nembé téh nangis, semu nu hoyong ditulungan. Hoyongeun abdi ka ditu…
Tan, bingung. Bingung kacida. Abdi kedah kumaha? Kumaha atuh kedahna lampah abdi téh?
Itan nu bageur..
Hapunten abdi. Nembé aya telpon ti Téh Tien. Nangis.
Miwarangna énjing abdi kedah ka ditu. Ceuk abdi téh, sabar, ké abdi ka ditu, wengi.
Tapi…
Itan anu bageur..
Ari Itan kumaha?
Kumaha atuh Itan?
Bin, kabujeng da tuh ayeuna gé, jung. Jung geura angkat. Tepangan Si Tétéh. Angkat jung!….
Peun heula. Abdi kedah ngabereskeun heula komputer. Kedah diréngsékeun hiji-hiji, méh teu ngarancabang …
Muhun. Téh Tien téh muhun ogo pisan. Abdina deuih sok hoyong ngogo. Jadi wéh ogo ka abdi. Padahal saleresna abdi nu hoyong diogo téh da abdi mah bungsu… sahandapeun deuih!
Tan,
Nembé aya telpon ti Téh Tien. Nangis.
Rumahuh ka abdi. Ngeunaan hal-hal anu tos kajadian di bumina ti saprak teu damang kamari, sauihna ti rumah sakit. Bari nangis. Sabar. Ceuk abdi téh. Da teu nanaon. Henteu ku nanaon. Sareng moal ku nanaon. Sabar ceuk abdi téh. Téh Tien nangis, Tan. Teras parebut hapé sareng raina.
Tan,
Ah naha atuh kedah curhat ka Itan?
Ti tadi wengi Téh Tien ku abdi dimiskol, disms… tapi teu nyambung waé. Dugi ka tadi siang angger taya waleran. Dipareuman kitu? Naha?
Nu jelas éta téh hapé raina. Nu ngaréncanganana.
…
Itan geulis..
Itan capé nya? Tunduh sigana mah tadi da tos ti sakola. Sok geura bobo. Abdi gé da capé. Capé pisan. Pisan.
Capé pisan.
Sami capéna sareng basa abdi kudu pacéntal-céntal sareng rakana. Sami capéna sareng basa kedah paréa-réa carita sareng raina. Sami capéna sareng basa kedah mayunan ibu. Sami capéna sareng basa kedah meungpeunan haté sorangan.
Itan sayang Abin…
Itan. Muhun. Terang da Itan téh nyaah ka Abin. Abdi ogé nyaah ka Itan. Tapi…
Tali naon atuh anu pageuh, anu meungkeut ramo-ramo abdi tina kalangkang nu teu damang?
Itan. Tadi Téh Tien nelpon. Nangis.
Capé geuning mun émut ka basa parebut nu teu damang sareng raina, sareng rakana, uana, tétéhna… masih capé geuning, ngémut ka basa abdi parebut haté sareng ibu.
Ayeuna mah geuning…
Parebutna sareng
Itan
…
Hoyong ngapung tebih.
Tebih pisan..
Mung nyalira!Sabab…béntang ogé tetep katingali éndah, sanaos nyalira.
Nyalira.
N Y A L I R A.
N Y A L I R A.
Berarti…
Ulah! Ulah aya berarti. Sabab sanggeus berarti pasti aya hal-hal anu kudu dima’naan deui.
Taya berarti. Alim aya harti. Sabab harti méré wates kana ma’na nu leuwih jembar. Keun téh teuing ulah aya berarti. Sabab harti nyababkeun ma’na abdi jadi ngaheureutan.
Mending urang nataan pirang-pirang harepan. Sabab harepan méré kasempetan pikeun maluruh harti nu leuwih ti hiji.
…
Tapi da keukeuh hoyong ngapung, NYALIRA…
Éndah.
Sabab pami nyalira, tangtu moal aya cimata …(éh, tapi Itan ngapungna iraha? Ibak ogé teu acan, seuseuheun gé numpuk kénéh, jaba éta tatanggi anu keukeuh hoyong ngiringan ngapung… Duh kumaha, nya?)
…
I T A N H O Y O N G N G A L E U N G I T
